Ini dia detectivers pidato dalam bahasa sunda yang lumayan singkat :)
Assalamualaikum Wr. Wb
Wilujeng Enjing Sadayana.
Ibu Guru nu dipihormat
sareng sadaya rerencangan siswa kelas XI nu dipikacinta.
Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah
SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray
dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan
sehat wal afiat.
Para wargi anu dipihormat. Dina ieu waktos, sim kuring bade ngadugikeun
kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Luyu jeung hadis
Rasulullah, kabersihan teh sabagian tina iman. Salaku jalma nu iman, urang
tangtuna moal ngalalaworakeun perkara kabersihan. Urang sadaya kedah ngajaga
lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit. Ku
margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat.
Meresihan awak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu
sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae,
batuk atawa beresin kudu nutupan baham.
Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih
atanapi suci tina sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang
sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan
sangkan hate urang ge suci sareng bersih.
Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya
basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna,
mugi kersa ngahapunten.
Hatur nuhun kana perhatosanana.
Wassalamualaikum wr.wb
.::SEMOGA BERMANFAAT::.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar